SARITILAWAH SURAH YAASIIN

Di cokot tina buku Surah Yaasiin tarjamahna dina basa sunda ku: Drs Hidayat Suryalaga.

Hayu urang baca sugan wae jadi pepeling.

Yaasiin (1)

SINOM

Demi qur’an pinuh hikmah

saestuna nu sayakti

anjeun teh salah saurang

Rosul utusan Illahi

Lumampah di jalan suci

Di jalan lempeng lumaku

Mungguh Kitan al-Qur’an

Wahyu ti Illahi Robbi

Gusti Allaoh Perkasaa tur Maha Heman (2-5)


Allah ngalungsurkeun Qur’an

sangkan andika mepeling

mepelingan umat-umat

ngingetan ngajakan eling

ngajak eling kaa Gusti

ngajakan kaa kaum-kaum

kaum anu karuhuna

can kungsi meunang pepeling

anu matak eta umat the balangah (6)


Saestuna satemenna

bakal karandapan pasti

dawuhan Allah tumiba

katangtosan ti Ilahi

keur sawarehna jalmi

ti antara eta kaum

ti antara maranehnaa

ari sabana geus sidik

maranehna henteu bae daek iman. (7)


Saestuna satemenna

kersaning Ilahi Robbi

maranehna teh dibanda

dikongkorangan ku tali

dibakutet ku tali

beuheungna teh di belenggu

leungeunna seug diangkat

atuh gadona katarik

balukarna salawasna teh taranggah (8)


Lajeng kersaning Pangeran

ngadingding aya pipinding

di hareupeun maranehna

di tukangeunnana deui

teu bisa usik malik

panonna oge di tutup

direumpeukan paningalna

rampang reumpeung lolong sidik

kitu pisan Pangersana Nu Kawasa (9)


Ari pikeun maranehna

nya sarua bae sami

estu teu aya bedana

najan ku anjeun di geuing

atawaa teu di geuing

angger bae moal nurut

dasar manusa wangkelang

wangkelang bedang teh teuing

angger bae maranehna moal iman. (10)


Lamun ku urang di tengetan eta saritilawah nu di cokot tina surat yaasiin. Didiyeu Allah SWT nguningakeun yen diantara mahlukna masih aya wae geuning jalma nu wangkelang, heuras asa iyeu pinter aing, wani nyasaak, ngahina, ngarendahkeun martabat jalma. Padahal sagala kakayaan jelema, kapinteran jelema, ka kuatan tanaga jelema di iyeu bumi, sadayana datangna ti Allah, sadayana paparin ti Allah. Pepeling ka jalma nu beunghar, nu pinter jeung nu kuat , coba sing dibarengan ku sipat handap asor, sopan santun, nyaah kasasama, murah hampura, nulung kanu leutik jeung nu lemah. Eta teh bakal luhur martabatna payuneun Gusti Anu Mahaesa. Enya memang aya asana mah hadisna mun teu salah nu kiyeu unina dina basa Indonesia : “ABAIKAN ORANG2 BODOH” Tapi lain maksudna kudu di hina atawa direndahkeun martabatna. Maksudna abaikan orang bodoh didiyeu teh lamun jelema2 bodo iyeu teu beunang di ajar, teu beunang di papatahan jeung teu beunang di nasehatan, tah didiyeu nu hartina kudu diabaikan teh. Mudah2a wae hayu urang kudu mawas diri unggal usik. Keur ngingetan urang sorangan. Hampura mun aya caritaan nu teu dina tempatna maklum da kuring mah lain tukang nulis.