Kumargi Indonesia nuju mayunan pemilihan umum tahun payun. Abdi gaduh artikel kenging nyandak tina kumpulan cerpen. Artikel iyeu contoh kanggo para pamimpin. Tah kumargi kitu sarengan kampanyeu ku para bapak2 nu haroyong jadi pamingpin, mugi2 wae sateuacana aranjeuna nyalonkeun diri, muga2 artikel iyeu tiasa kaaos ku aranjeuna nu harayang jadi pamingpin. Tah saurkeun iyeu hiji syaratna kanggo ngajadi capres. Kudu nyaah ka rakyat, merhatikeun rakyat sapertos carita di handap iyeu…he he he….Artikel iyeu diserat ku bahsa Indonesia tapi ku sim kuring di terjemahkeun kana basa sunda. Punten pang marioskeun bilih aya nu teu merenah nerjemahkeun nana. Artikel atawa carios aslina iyeu dicandak tina kumpulan carpon anu judulna “DIATAS SAJADAH CINTA” karangan Habiburrahman El Shirazy. Mugi2 cariosan iyeu tiasa dibaca ku para pamingpin atanapi calon pamingpin nu ngartos bahasa sunda. 

BUKTOSNA PAMINGPIN NYAAH KA RAKYAT

Hiji peuting Khalifah Umar bin Khattab r.a kaluar rek nempo kaayaan rakyatna. Anjeunna di sarengan ku salah saurang badegana. Aranjeuna duaan parapah (laleumpang) ngaliwatan jalan2 leutik di jero kota Madinah. Tikajauhan Umar ningali aya cahaya seuneu nu hurung.   “Kuring nempo aya nu katiisan, hayu urang tempo kaditu” Saur Umar ka badegana”
Umar jeung badegana buru2 leumpang nuju ka tempat hurungna seuneu. Terus Umar ngadeukeutan . Anjeuna manggihan aya awewe jeung anak2na nu masih laleutik. Anak2 na careurik kalaparan.
“Kuring lapar ma, kuring hayang dahar ma……geus dua poe kuring teu dahar jeung hawa kacida tiisna. Beuteung peurih.” Ceuk salah sahiji anakna.
“ Maneh jeung adi2 maneh tungguan heula sakeudeung tepi ka asakna kadaharan!. Ceuk indungna ka anakna ngupahan supaya cicing.
“Kuring jeung adi2 geus nungguan ti sore keneh, kunaoan atuh kadaharan teh can asak wae, ma?  Tepi ka iraha kuring jeung adi2 kudu nunggu? Ceuk budak nu hiji deui.
Indungna cicing teu bisa nembalan. Barengan waktu harita Umar ngadeukeutan nu keur gunem catur bari uluk salam,
“Assalamualaikum”
“Waalaikumsalam,” Ceuk si ibu.
Naha kuring meunang deukeut? Ceuk Umar
“Deukeutan mun mawa kaalusan mah, lamun henteu mah balik wae!”
“Aya kajadian naon didiyeu?”
“Kuring sa-anak2 geus dua poe teu manggih dahar, kuring saanak-anak katiisan jeung kalaparan!”
Umar terus mencrong ka barudak nu keur careurik ngurilingan pariuk, Umar nanya,
“Kunaon barudak careurik?”
“Kalaparan jeung katiisan?”
“Terus naon eta nu aya di jero pariuk?”
“Cai. Supaya maranehna cicing jeung sinah sare”
“Naha atuh anjeun lain bebeja ka Khalifah Umar?”
“Sakuduna anjeuna nu kudu nyaho kaayaan kuring jeung barudak.  Anjeuna boga kuda jeung rebuan pagawena jeung bala tantarana. Kuduna anjeuna teu meunang sare ngeunah di bumina semantara (naon basa sundana?) aya rakyatna siga kuring jeung barudak nu kalaparan jeung katiisan.”
Ngadenge carita awewe eta, hate Umar ngarasa peurih. Awewe eta teu nyahoeun yen nu aya di hareupeunana teh Khalifah Umar ku anjeun.
Buru buru Umar mangkat ngajak badegana ka gudang tempat neudeun bahan kadaharan nyaeta gandum. Umar nyokot sakarung goni gandum,
Ceuk Umar “ Hayu angkat ka pundak kuring!”.
Badegana nyaram jeung ngomong: “Ulah ku salira Khalifah, keun ku sim kuring nu manggulna!”.
Nguping ucapan badegana Umar ngambeuk bari jeung pokna: “Naha maneh wani manggul dosa kuring di aherat engke”
Badegana cicing teu bisa ngajawab. Terus manehna ngangkat karung goni ka pundakna Umar. Umar oge mawa sababaraha leter minyak samin. Buru buru Umar balik deui ka imahna awewe tadi. Anjeuna teu ngarasakeun beuratna karung jeung tiisna peuting. Waktu geus tepi ka imah awewe tea, seuneu nu dipake mirunan keur masak cai,  geus mimiti rek pareum. Barudak oge geus sarare. Umar ngencagkeun karung goni jeung minyak samin dina taneuh. Terus Umar ngasupkeun sababaraha potongan suluh terus ditiup, seuneu nu geus rek pareum teh nepi ka hurung deui. Umar nyandak gandum tea ku panangan nana, terus di asupkeun ka cai nu geus ngagolak, terus diaduk nepi ka adonan roti eta asak. Anjeuna pok nyarios ka awewe tadi.
“Ayeuna harudangkeun anak-anak anjeun sina dalahar”.
Barudak nu keur sarare bari kalaparan teh harudang terus dalahar meni paronyoeun naker. Sanggeus sareubeuheun dalahar, barudak terus arulin nu ahirna barudak sararena tibra.
Pok awewe eta ngomong, “JAZAKALLAH KHAIRA, Mudah-mudahan Allah ngabales kana kasaean salira pahala nu seueur!”
Sateuacana Umar ninggalkeun awewe eta, pokna: “Isukan datang ka tempatna Khalifah Umar, anjeuna bakal mere ka anjeun santunan Nagara nu geus jadi hak anjeun!”
Isukna eta awewe mangkat ka tengah2 kota Madinah rek ngadeuheus ka Khalifah Umar bin Khattab ra. Si awewe eta ngarasa kaget barang amprok jeung Khalifah Umar.  Teu nyangka lalaki nu tadi peuting manggul karung goni jeung nu mangmasakkeun roti gandum teh Khalifah Umar ku anjeun.